Senin, 28 April 2014

SISINDIRAN

A. PIWURUK

Ka Bandung ka Margahayu
mawa kalapa jeung jaat
Nya Indung tunggul rahayu
nya bapa tangkal darajat

Tangkal tanjung sisi gunung
tangkal laja jeung kalapa
nya munjung kudu ka indung
nya muja kudu ka bapa

Ti Bandung ka Batujajar
tos angkot sado gantinya
kaduhung ngedul diajar
geus kolot bodo jadina

Buah manggu dina nyiru
mulung kupa dirigenan
Guru digugu ditiru
indung bapa diajenan

Kukupu sirama-rama
Aya hileud jeung japati
Piwuruk ti ibu rama
cangreud pageuh dina arti

Sawah ngempang ditanduran
 ka huma ngala jarami
Ulah renggang duduluran
dasarna silaturahmi

Nangka atah rek dibeulah
diangeun disamaraan
Satingkah saparipolah
nyuhunkeun rido pangeran

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan Komentar anda tentang blog ini..!

BERTEMAN DENGAN SAYA