Senin, 28 April 2014

BABASAN JEUNG PARIBASA

BABASAN JEUNG PARIBASA

Atah anjang : langka silih anjangan
Adigung adiguna : Takabur, sombong
Ambek nyedek tanaga midek : napsu gede tapi tanaga euweuh
Anjing ngagonggong kalong : mikahayang nu lain-lain
Adat kakurung ku iga : lampah goreng hese leungitna
Alak paul : jauh pisan
Aki-aki tujuh mulud : geus kolot pisan
Ayem tengtrem : tenang taya kasieun
Asa teu beungeutan :  awahing ku era
Anu borok dirojok anu titeuleum disimbeuhan : mupuas ka nu keur cilaka
Amis budi : hade paroman
Aya jurig numpak kuda : aya milik nu teu disangka-sangka
Aya jalan komo meuntas : aya kahayang aya nu ngajak
Awewe dulang tinande : awewe nurutkeun kahayang salaki
Amis daging : babari katerap penyakit
Abong letah teu tulangan : sagala dicaritakeun sanajan pikanyerieun batur
Agul ku payung butut : agul ku turunan
Aya pikir kadua leutik : aya kahayang
Asa ditonjok congcot : ngarasa bungah pisan
Birit aseupan : teu daek cicing
beurat birit : hese dititah
batok bulu beusi madu : ninggang lain pitempateunana
babalik pikir : insap
Buntut kasiran : medit
Beja mah beja : beja ulah waka dipercaya
Bancang pakewuh : pikasusaheun
Jati kasilih ku junti : pribumi ka elehkeun ku semah
Kurung batok : tara indit-inditan jauh
Kembang buruan : budak nu keur resep ulin
kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak : sauyunan
Leuleus awak : daekan
Ngadaun ngora : jadi rame
Nete taraje nincak hambalan : tertib mapay ti handap

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan Komentar anda tentang blog ini..!

BERTEMAN DENGAN SAYA